Hariring Es Lilin

https://menulis.kcd6.net/Tulisan/1650597371HariringEsLilin/ Harita kuring SMP kénéh tahun 80 an , biasa di kampung ka sakola téh leumpang, jarakna aya kana dua km . Di SMP tempat kuring sakola kelas hiji SMP mah sakola soré, asup lohor balik bada ashar . Kuring harita téh kelas hiji kénéh indit jeung balik ngalabring laleumpang jeung babaturan . Di kampung téh can aya listrik , penerangan masih ku patromak atawa lampu cemprong , lampu teplok , lampu cempor ngaran lampu jadul unik lucu ., Sigana budak ayeuna mah moal apaleun. Sakapeung mun ras inget kadinya sok mesem sorangan mun maké lampu semprong , isuk isuk teh irung harideung méhong da lampuna ngaluarkeun haseup hideung . Waktu harita kuring balik sakola , biasa cucul - cucul mandi tuluy shalat ashar . Sanggeus beres kuring ka tepas, ninggali Aki keur ngelapan semprong lampu nu harideung , rutin Aki mah mun sore memeh dipaké semprong sok di elapan mun wadah lampuna kosong di eusian minyak tanah . Ngelapan semprong bari ngadangukeun kawih sunda dina radio . Teu lila kakuping lagu Es Lilin nu di tembangkeun ku Tati Saleh artis Sunda jaman harita . Aki nyarita " Ari nu nembang na mah beunghar ku Es Lilin Teh , penciptana mah kieu we " Kuring rada ngahuleng ," ooh Aki kenal ka penciptana ? " " Puguh we Atuh pan nu nyiptakeun na Ema Mursih mitoha Aki , tah Aki nu nyieun guguritan nana . '" kuring masih can ngarti * Naha nya Ki , batur teu apaleun kitu nu nyiptakeun na Ma Mursih ? " " Teu, penciptana masih kénéh di tulis N.N , hartina , teu aya ngaran penciptana". Ooh kuring bati ngembang kadu can ngarti kénéh wae . Ti Harita asa loba sémah ka imah téh , ti Bandung ti jakarta kuring mah teu wawuh , asa kakara anyar pinanggih ngan ceuk Amih (nini kuring putrina Bu Mursih ) ," Eta teh daratang aya nu rek meuli hak cipta lagu Es Lilin aya oge nu neangan bukti bener henteuna Es Lilin téh diciptakeun ku Bu Mursih " Kabeh dieunakeun tahun 1988 lagu Es Lilin perjuangan Ua sareng Amang merjuangkeun hak cipta Es lilin nya Alhamdulillah di kaping 12 Nopember 1988 berdasarkan SK Depdikbud Prov Jawa Barat , menyatakan bahwa berdasarkan penelusuran dan data yang mendukung bahwa benar lagu Es Lilin diciptakan oleh Bu Mursih, lirik Di tulis oleh Edi Natawisatra Kuring maca SK ieu tina silsilah Es Lilin anu di serat ku Ua wastana teh Drs H.E. Hidayat ,kapungkur tugasna kantos janten Kepala Sekolah di SMPN 1 Cianjur neras janten pengawas SMP , kiwari parantos pensiun. Anjeun na teh putuna Ibu Mursih , Putra Pak Edi Natawisastra minangka Ahli Waris anu ngalereskeun hak Cipta lagu Es Lilin , ayeuna mah lagu Es Lilin teh kakoncara kamana - mana . Eusina lagu Es Lilin teh nyindiran ka Perusahaan Rekaman anu ngarekam soanten Bu Mursih , dibayarna saeutik keur ukuran jaman harita , jabi sok telat wae . Benten jeung artis ayeuna balalleunghar . Nu gaduh perusahaannana orang Asing . Maklum keur jaman penjajahan kénéh. Biasa kanu gaduh perusahaan mun ayeuna mah nyebatna téh "bos " kapungkur mah nyebatna téh Agan atanapi gamparan . Lagu Es lilin mun di terjemahkan ku bahasa ayeuna mah nyindiran ka bos rekaman eusina "ayo kita kerjasama tapi mohon ada saling pengertian " nya soal bayaran na , oge waktu iraha dibayarna kudu puguh . Lagu Es lilin di ciptakeun dina delman sekitar tahun1936 , samulihna Bu Mursih rekaman , dijajap ku Pak Edi mantuna , sapanjang jalan Bu Mursih hahariringan , tah hariring eta nu ditulis lirikna ku Pak Edi janten lirik lagu Es Lilin. Kabeneran di jalan ninggali nu dagang Es lilin , Harita mah Es Lilin teh mangrupa jajanan nu pada mikaresep mun ayeuna mah meureun keur viral sigah seblak Ieu lirik asli lagu Es Lilin Es Lilin Es Lilin mah agan kalapa muda Dibantunna agan disurung - surung Mun kieu mah ayeuna samar kaduga Gamparan sok ngabibingung Es lilin mah agan sok ditiiran Dibantun mah agan dijinjing - jinjing Abdi gaduh agan da pipikiran Ka gamparan seja ngiring Es Lilin mah agan di jinjing - jinjing Di jual mah agan dua sasénan. Maksad abdi agan da seja ngiring Mung asal silih ajénan Hayu atuh urang mumulé lagu urang , mudah - mudahan barudak ayeuna pada apal ka pencipta lagu es lilin nyaeta "Bu Mursih" . Teu aya deui nu nulis N.N

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Hanya Coretan